Kamis, 25 Februari 2016

Puisi sunda

KATRESNA AKANG Ato Suharto Kanyaah akang moal laas ku panasna jaman, moal leeh ku serabna panon poe najan aya mojang nu sok pirajeunan ngajak nganjang cinta akang moal gedag ku panggoda wanoja Nyai..., cinta akang nu sajati satungtung anjeun satuhu nyumponan kawajiban ka caroge akang moal rek lanca linci luncat mulang Nyai..., pupunden hate akang tong rempan sanajan urang paanggang cinta akang lain ngan ukur kalangkang clik putih clak herang tresna akang ngan ukur anjeun Nyai..., citresna akang nu utama kabagjaan nu ku urang ayeuna dirasa omat ulah nepi ka dirogahala kupangbibita dunya nu moal pasti sampurna Nyai..., bojo akang anu geulis sing tarapti ngajaga diri sangkan urang tetep waluya dina lalakon laki rabi nu ku urang ayeuna keur disorang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar